Senin, 14 April 2014

RAJAH SILIWANGI

Rajah Siliwangi

amit ampun nun paralun
ka Gusti nu Maha Suci
neda pangjiad pangraksa
para abdi-abdi seni
seja ngaguar laratan
titis waris nini aki
ngembatkeun jalan laratan
katampian geusan mandi
ka leuwi sipatahunan leuwi anu ngaruncang
diri-dirina nu sakiwari
rek muru lurung tujuh ngaliwat ka pajajaran
bongan hayang pulang anting
padungdengan padungdengan
jeung usikna pangancikan
puuuunnn…sapuuuunnnn….
sampurasun karumuhun
kaHyang Prabu Siliwangi

numurba di Pajajaran
pangauban seuweu-siwi
nu gelar di tatar SUNDA
muga nyebarkeun kawangi

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

SLANKRS NKRI


Widget Slideshow